Sabtu, 09 April 2011

Kinanti Buhun

Sir ati ngajadi gulung
lila-lila jadi kuring
anjaclang di alam padang
rus ras sok rea kaeling
katineung reujeung kamelang
melang mangmang beurang peuting

nunggu-nunggu cunduk waktu
nganci-nganci nitih wanci
ngadagoan datang mangsa
henteu kendat beurang peuting
sanajan nepi ka ajal
bulak balik mo katilik

1 komentar:

  1. Punten pisan kang...
    Lepat ngahartoskeun Tata Titi Duduga Peryoga teh sanes kana sopan santun. Tapi eta mah siloka sepuh
    1. hirup teh kedah siga Tata singkatan tina Tataman. Pami Tataman teh nami sireum. Tah nu kedah diturut tina sireum teh silaturahmi sareng gotong royong naska.

    BalasHapus