Sabtu, 09 April 2011

Kinanti Buhun

Sir ati ngajadi gulung
lila-lila jadi kuring
anjaclang di alam padang
rus ras sok rea kaeling
katineung reujeung kamelang
melang mangmang beurang peuting

nunggu-nunggu cunduk waktu
nganci-nganci nitih wanci
ngadagoan datang mangsa
henteu kendat beurang peuting
sanajan nepi ka ajal
bulak balik mo katilik