Sabtu, 26 Maret 2011

DAWUHAN KANJENG PANGERAN SUMEDANG

1. Manusia mah kudu cicing dina rasa sareng rumasa, nganggo nyalikan dina korsi eling, mayungan meja wiwaha, nu ditaplakan ku iman, nganggo amparan ku kasabaran, ditelekungan ku elmu, nu dibanderaan ku ikhlas.

2. Manusia nu lumampah kudu tutunggangan wiwaha, bulu napas, diselaan ku asihan, dikadalian ku pamilih, disebrakan ku kahormatan satia, didudukuy ku lungguh, disanggawedian ku pangarti, sareng rintih, diapis buntutna ku jujur, nganggo pecutna ku elmu, nu dicandakna banderana sabar, pangnggona ridho, soleh, pibalukareunnana kabagjaan. (Tah ieu jalanan jalmi Islam).

3. Kanggo nu nyarengannana kawalapadna Bani Adam nu disebut Islam, nu linggih dina korsi eling, sareng lumampah tunggang kuda wiwaha :
1. Ki pasrah,
2. Ki sumerah,
3. Ki ridho,
4. Ki Ikhlas,
5. Ki tumamprah, Ki sumangga, ka kudrat Illahi dikapalan ku percaya. (Iman).

4. Sawangsulna manusa ulah aya dina jagal cidra sareng ngarasula, ulah linggih dina korsi hilap sareng bengbatan, mayuna meja lalawora, nu ditaplakan ku mang-mang, ngamggo amparan ku kabarangsan, nganggo telekung ku hasud takabur, nyandak benderana haranga.

5. Anu lumampah tunggang kuda amarah, nu diselaan ku harangan, dikadalian ku dengki, disebrakan ku harak, didudukuy ku umangkuh, disanggawedian ku licik sareng delit, nganggo pecutna ku takabur, diapis buntutna ku murugul, nu dicandak benderana Bengal, panganggona bohong, pibalukareunnana bahaya.

6. Kanggo nu nyarengan kawalapadna karuna Bani Adam nu disebut Islim, linggih dina korsi bengbatan, sareng kuda amarah:
1.Ki reuwasan,
2. Ki risi,
3. Ki riweuh,
4. Ki hariwang,
5. Ki keueung,
6. Ki sieun,
dikapalan ku mang-mang numawi jalmi Islam.

2 komentar:

  1. ...munang beja ti jaman nu acan d sorang yen bakal jd kacapangan sabh na manusa nu aya d alam rame... nya eta bakal katingali jeng ka rungu kjadian pahlawan basa bisa nunjuk keun kajayan.....Wangsitna,kieu, mangkade hurip kuduning eling eling maring diri yen sangkan salamet,mangkade jagad ning sampun rame maring wong2 sing due rasa dirine weruh,,,,(Budak Angon Urang Sumedang)

    BalasHapus
  2. New York - Gambling establishment - DrmCD
    With the 의왕 출장안마 legalization of online gambling in the United States, casino operators 화성 출장샵 are eager 포천 출장샵 to play games in 거제 출장마사지 New York. The state of New York 여수 출장샵 has

    BalasHapus